Papatah sunda

564

由 RUSWANDI Chanel 使用 Suno AI

Papatah sunda
v3.5

@RUSWANDI Chanel

Papatah sunda
v3.5

@RUSWANDI Chanel

lyrics
[intro]
[melody]
[verse 1]
Baturan ka Ramayana,
asa hayang meuli sapatu.
Haturan ka sadayana,
kumaha daramang kitu?
[verse 2]
Caladi reujeung bincarung,
nyiar sagu bras ka kidul.
Ayeuna kuring keur bingung,
nyieun lagu can aya judul.
[chorus]
Ngala hurang maké rantang.
hasilna simpen di sisi.
Nyoba miwarang wa acan,
saurna mantan pulisi.
[melody]
[verse 3]
Ngaronda di imah randa,
ngakuna nyaba ka kolot.
Waspada ulah kagoda,
nyoba-nyoba judi slot.
[verse 4]
Sakapeng sok maké patlot,
kadang maké setabilo.
Nyepeng hapé maén slot,
lakuna siga nu gélo.
Kibeuling loba na peti,
pohpohan, laja, ki urat.
Sing loba éling ka Gusti,
sangkan bagja dunya ahérat.
[bridge]
Sakapeung sasalimpetan,
pédah tara ditakonan.
Meungpeung aya kesempatan,
ibadah geura lakonan.
Mawa peti kana sundung,
dibawa ka Nusa duwa.
Pangarti teu beurat nanggung,
kabisa teu beurat mawa.
Cangkedkeun kawat keur wadah,
talian ngarah teu cekah.
Tekadkeun niat ibadah,
dina saban-saban lengkah.
Hirup katungkul ku pati,
paéh teu nyaho di mana.
Hirup kudu ati ati,
ambéh salamet akhirna.
[melody]
[bridge]
Sajadah ka tinggang batu,
diraponan pedah soéh.
Ibadah sapanjang waktu,
dilakonan ulah weléh.
[outtro]
Ninyuh ubar ku cipati,
diwadahan piring gelas.
Anu sabar éta pasti,
ku Awloh dipikawelas.
音乐风格
Dangdut Kendang koplo, full kendang koplo, melodic, funny, happy, male vocall, slap bass,

你可能会喜欢

歌曲的封面Dóri szülinap
v4

由 Krisztián Janik 使用 Suno AI 创建

歌曲的封面Evaluación Curricular
v4

由 NANCY 使用 Suno AI 创建

歌曲的封面Sombra de Fuego
v4

由 Cepeda 使用 Suno AI 创建

相关播放列表

歌曲的封面Titokban 4
v4

由 Gyöngyi Szakácsné 使用 Suno AI 创建

歌曲的封面Не буди меня пока
v4

由 Діана Дралова 使用 Suno AI 创建

歌曲的封面Solo tú y yo
v4

由 Alvaro Lino 使用 Suno AI 创建

歌曲的封面Sei bellissima!
v4

由 Roberto Lazzaris Bertoldi 使用 Suno AI 创建