가사
Lain dongeng lain carita
Jaman kiwari parantos nyata
Budak teu baroga ka era
Gutak gitek harepeun jelema
Ti mimiti isuk nepika sore na
Mayunan hape taya bosena
Jararoged depan layar kaca
Temong susu temong paha
Kade barudak gadis cibangban
Ulah sok kabawa gaul anu edan
Ngilu kana zaman teu pake iman
montong nurutan pagawean setan
Santri santriah darrul hijrah
Kudu saradar kudu nyara'ah
Ulah sampai hilang maru'ah
Bisi cilaka di poe kiamah
Cing bisa ngajaga diri
Isin kanu maha suci
Awak teh titipan ti gusti
Kade bisi jadi rugi