Hujan ngagebret lir mapag rongheapna hate
Angin laut ngahiliwur tiis nyecep Kana awak
Tembus Kana tulang sungsum
Disisi basisir laut kidul
Ombak laut patutur-tutur silih
udag
Di basisir Kudang Pananjung peuting ieu jadi saksi
Tagiwurna hate teu bisa katahan
Keputusan anjeun nu jadi alatan
Ikrar pikeun nutup Carita Endah antara urang duaan
Pikeun nyorang kahirupan sewang-sewangan
Awak asa ngalongkewang,lain pedah pungkasna Carita Endah
Ngan hanjakal urang patepang
Lamun kudu ditung-tungan ku kanyataan ...
Yen anjeun milih udagan nulian.....
รูปแบบของดนตรี
Metal,Guitar Distorsion and verb,Bass,Drum,suling Sunda,Male